Home (pin 5B739A67)
Sejarah pasirsabuk
Zodiak sunda
PASIR
SABUK
Encyclopedia nu medal zaman
WEB
Images
Local
Mobile Web (beta)
lalakon jeng sajarah tatar sunda tilem
atara ramalan jeng kanyata an
Ieu uga teh eusina ramalan ngeunaan
jalan kahirupan politik jeung
pamarentahan nagara urang ti kawit
tilemna Pajajaran tug dugi ka kiwari. Dina
ieu uga urang sarerea bakal bisa
nyaksian kumaha kalinuhungan elmu
Prabu Siliwangi anu geus bisa nganjang
ka pageto saperti anu bisa
nganyahoankeun kana kajadian anu
bakal tumiba ka sakumna rahayat sunda
khususna jeung Indonesia umumna.
Kumaha ari sikep urang, naha kudu
percaya atawa ulah? Ngeunaan hal ieu
mah baralik deui ka pribadi masing-
masing. Ngan anu kudu ku urang sarerea
diemutan, ieu uga teh salah sahiji
warisan karuhun sunda anu kacida
berhargana.
Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran
Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!
Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran
anu milu mundur dina sateuacana
ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka
poe ieu. Najan dia kabehan ka ngaing
pada satia, tapi ngaing henteu meunang
mawa dia pipiluen, ngilu jadi balangsak,
ngilu rudin bari lapar.
(((((Kalalakonkeun Prabu Siliwangi Raja
Pajajaran dina waktos bade mundur, tapi
satueacana mundur, Prabu Siliwangi
masihan amanat ka sakumna wadia
balad Pajajaran anu masih keneh satia.
Didieu Prabu Siliwangi mintonkeun
tanggung jawab sareng kawijaksanaan
anu kacida luhung salakuning Raja,
anjeuna teu bade ngalibetkeun rahayat
pikeun tetep tumut sareng ngabdi
mertahankeun Pajajaran tapi bari
kaayaan sangsara. Prabu Siliwangi
nyarios…………)))))
Dia mudu marilih, pikeun hirup
kahareupna, supaya engke jagana
jembar senang sugih mukti, bisa
ngadegkeun deui Pajajaran. Lain
Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu
anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku
obahna jaman;
Pilih: ngaing moal ngahalang-halang.
Sabab pikeun ngaing, henteu pantes jadi
raja amun somah sakabehna lapar bae
jeung balangsak.
Darengekeun:
Nu dek tetep ngilu jeung ngaing, geura
misah ka beulah kidul;
Anu dek kumawula ka nu keur jaya,
geura misah ka beulah wetan;
(((((Prabu Siliwangi masihan papagon ka
sakumna wadia balad, pikeun milih
geusan hirup lumaku sabadana Pajajaran
tilem. Prabu Siliwangi ngabagi wadia
balad pikeun milih/misah ka opat arah :
Anu moal milih ka saha-saha, geura
misah ke beulah kulon;
(((((Prabu Siliwangi masihan papagon ka
sakumna wadia balad, pikeun milih
geusan hirup lumaku sabadana Pajajaran
tilem. Prabu Siliwangi ngabagi wadia
balad pikeun milih/misah ka opat arah :
Ka wadia balad anu masih tetap satia,
kudu misah ka beulah kidul. Dina ieu uga,
aya kamungkinan kidul (selatan)
dihartoskeun wilayah priangan timur
nyaeta wewengkon Ciamis, Tasikmalaya,
Garut sabab ti ieu wewengkon asal
lahirna Pajajaran (Galuh Ciamis) terus
ngalih ka Tasikmalaya, ti Tasikmalaya
teras ka Bogor.
Ka wadia balad anu seja balik ka dayeuh
(kota) anu ditinggalkeun, Prabu Siliwangi
marentahkeun kanggo misah ka beulah
kaler. Dina ieu uga, aya kamungkinan
kaler dihartoskeun wilayah Bandung,
Bogor jeung Sumedang, nya didieu pisan
tempat ngadegna Karajaan Pajajaran
(Bogor), anapon Sumedang dugi ka
kiwari ieu wewengkon teh masih satia
nyekel deleg jeung nanjeurkeun
kabudayaan Sunda dina wangun seni,
budaya sareng carita kasundaan anu
masih keneh asli titinggal Karajaan
Pajajaran
Ka wadia balad anu seja kumawula kanu
keur jaya, Prabu Siliwangi marentahkeun
misah ka beulah wetan. “Ka nu keur
jaya”, ieu kecap teh nunjuk ka karajaan
Majapahit di wewengkon Jawa anu
mangsa harita keur jaya-jayana ngawasa
saantero nusantara. Tug dugi ka kiwari
wadia balad Majapahit (urang Jawa)
masih tetep ngawasa di Nusantara
utamana dina widang politik jeung
pamarentahan, nya sabagianna aya oge
balad Pajajaran anu milu. Malah nu lain
urang Jawa mah sok ngaheureuykeun
yen nagara Indonesia mah teu aya, aya
ge nagara Jawa, atanapi luar Jawa tapi di
Jawakeun (Jawanisasi). Keur jalma nu
diajar sajarah katut neuleuman elmu-
elmu sosial ieu geus aneh..sabab salah
sahiji bibit ruwit muculna masalah
separatisme teh nya ieu poko pangkalna.
Ka wadia balad anu moal milih ka saha-
saha, geura misah ka beulah kulon.
Kulon didieu nyaeta wewengkon beulah
kulon Jawa Barat, utamana Banten. Nya
wadia balad anu milih teu milih ka saha-
saha antuknya misah tur ngahiji dina ieu
wewengkon, aya kamungkinan anu
dimaksad ku Prabu Siliwangi teh nyaeta
masyarakat Baduy anu dugi ka kiwari
masih hirup kalayan nyekel pageuh kana
papagon karuhun, malah agamana oge
masih agama asli, Sunda Wiwitan.)))))
Darengekeun:
(((((Dina bagean ieu, Prabu Siliwangi
masihan pepeling ka sakumna wadia
balad Pajajaran.)))))
Dia nu di beulah wetan, masing
nyararaho : kajayaan milu jeung dia; nya
turunan dia anu engke bakal marentah
ka dulur jeung ka batur. Tapi masing
nyaraho, arinyana bakal kamalinaan.
Engke bakal aya balesna. Jig geura
narindak !
(((((Ieu pepeling Prabu Siliwangi teh dugi
ka kiwari ku urang bisa kasaksian. Anu
jadi pamingpin di nagara urang lolobana
urang Jawa. Sukarno, Suharto, Gus Dur,
Megawati, SBY sadayana urang wetan
(Jawa). Anapon kitu deui anu nyekel
kakawasaan marentah di pamarentahan
puseur oge kalolobaanna urang Jawa.
Ngan hanjakal ieu pamingpin turunan
wetan teh memang bener-bener
“kamalinaan” jeung goreng tungtung, di
ahir kakawasaanna sok dijungkirkeun
batur (suul khotimah); Sukarno, Suharto,
Gus Dur, Megawati di ahir waktu
kakawasaannana ngajuralit ku cara anu
teu terhormat. Mun ningali kana sajarah,
bangsa urang mah jiga anu disupata,
jalma loba nu silih ala pati jeung silih
rogahala pikeun marebutkeun
kakawasaan. Urang tangtu masih inget
kumaa Ken Arok ngala pati empu anu
nyieun keris pusaka ku lantaran hayang
jadi raja singosari? Anu antukna mah
singosarina ancur, manehna nelasan pati
ku kerisna sorangan. Ieu jalma ti wetan
teh jaradi pamingpin anu luhur tapi
kahirupan rahayat susah jeung
balangsak wae)))))
Dia nu di belah kulon; papay ku dia lacak
Ki Santang! Sabab engkena turunan dia
jadi panggeuing ka dulur jeung ka batur.
Ka batur urut salembur, ka dulur anu
nyorang sauyunan, ka sakabeh nu
rancage di hatena
Engke jaga mun tengah peuting, ti
gunung Halimun kadenge sora
tutunggulan, tah eta tandana : saturunan
dia disasambat ku nu dek kawin di Lebak
Cawene. Ulah sina talangke. Sabab talaga
bakal bedah; Jig, geura narindak ! Tapi
ulah ngalieuk ka tukang !
(((((Wadia balad anu misah ke beulah
kulon, bisa ku urang dititenan tug dugi
ka kiwari ariyana teu kabawa ku sakaba-
kaba, ariyana tetep teguh teu milu jeung
teu di parentah ku sasaha. Najan nu
marentah ieu nagara wadia balad ti
Wetan, ariyana mah teu pernah bener-
bener bisa ditalukeun, makana ariyana
dina nyorang kahirupan teh pinuh ku
katengtreman, jauh tina mumusuhan,
cocok mun jadi panggeuing ka batur anu
keur ka sasar lampah.
Ari anu dimaksud “papay ku dia lacak ki
Santang” ieu ngenaan kana sajarah
Kiansantang, putra mahkota Prabu
Siliwangi anu lebet Islam. Ki Santang dina
uga ieu oge bisa ditafsirkeun umatna
Rasulullah SAW ngalangkungan Prabu
Kian Santang anu napak tur
nagajalankeun ajaran Sunan Kalijaga
(Banten) sareng Sunan Gunung Jati
(Cirebon). Perlu oge diemut yen alur
sajarah Kaislaman di tatar Pasundan teu
tiasa di leupaskeun tina dua Kasultanan
ieu, Banten jeung Cirebon. Kasultanan
Banten ciri utamana Islam kalawan
disipuh ku elmu pangaweruh
kadigjayaan sedengkeun Cirebon corak
Kaislaman anu disipuh ku elmu
kabatinan, mirip corak Kaislaman di
tanah Jawa. Ku kituna tong heran mun
wadia balad Pajajaran anu aya di beulah
kulon miboga warisan elmu pangaweruh
anu langka dipiboga ku wadia balad anu
lian.
Ngan ngeunaan siloka ti gunung
halimun…………… eta dugi ka ayeuna can
tiasa kabuka maksudna)))))
Dia nu marisah ka beulah kaler;
darengekeun!
Dayeuh ku dia moal kasampak, ngan ukur
tegal baladeuhan. Turunan dia, lolobana
bakal jadi somah. Mun aya nu pangkat,
bakal luhur di pangkatna, tapi moal boga
kakawasaan. Ariyana engke jaga, bakal
kasendeuhan batur. Loba batur tinu
anggang tapi batur nu sarusah jeung
batur nu nyusahkeun. Sing waspada!
(((((Kecap Prabu Siliwangi ieu geus bisa
dibuktikeun dina alam kiwari. Bandung,
Bogor, Sumedang, dugi ka Bekasi, depok,
Jakarta, tempat wadia balad Pajajaran di
beulah kaler ayeuna geus jadi salah sahiji
wewengkon pendidikan, pusat bisnis
Jawa Barat jeung ibukota nagara. Didieu
ngadeg mangrupa-rupa Universitas/
Institut/Sekolah Tinggi tingkat Daerah/
Nasional/Internasional. Wewengkon kaler
ayeuna geus loba kasendeuhan
(kadatangan) batur, jutaan mahasiswa
jeung pendatang anu ti siklakna ti
siklukna, anu ti jero pulau anu ti luar
pulau dugi ka luar nagri tumplek ngahiji
di wewengkon ieu. Ari wadia balad
Pajajarana kamarana? Jaradi somah
(semah=nu boga imah tapi teu boga
nanaon, ngan saukur bisa ningalikeun
batur). Ngeunaan pangkat? Loba terah
Pajajaran ti beulah kaler –utamana
sumedang– anu luhur di pangkatna,
malah aya anu jadi wakil presiden ngan
hanjakal teu boga kakawasaan anu
nyata, teu bisa mere parentah anu
ditumut ku saeusi nagara, sabab
kakawasaan tetep di cekel ku urang
wetan (Jawa))))).
Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal
dilanglang. Tapi, ngan di waktu nu perlu.
Ngaing bakal datang deui, nulungan nu
barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan
anu hade laku lampahna. Mun ngaing
datang moal kadeuleu, mun ngaing
nyarita moal kadenge
Memang ngaing bakal datang. Tapi ngan
ka nu geus rancage hatena, kanu weruh
disemu anu saestu, anu ngarti kana
wangi nu sajati jeung nu surti lanti
pikirna, nu hade laku lampahna.
(((((Ieu kecap Prabu Siliwangi teh
ngagaduhan maksad yen prabu Siliwangi
jeung Pajajaran bakal tetep hirup dugi ka
kiwari ngan lain dina wujud
bungkeuleukan (jasadiah) tapi dina
wangun tetap lestarina sajarah jeung
elmu pangarti kasundaan warisan ti
karuhun-karuhun sunda. Tapi ieu elmu
kasundaan teh moal bisa sambarangan
dipibanda, teu sakabeh wadia balad
Pajajaran bakal mampuh ngawasa
sajarah jeung ngarti kana ieu elmu. Ngan
saukur jalma anu ngabogaan hate anu
bersih tur pinuh ku sumanget (rancage
hatena); ngabogaan elmu jeung
pangabisa anu luhung (dunya & agama)
(weruh disemu); pinter tapi heunteu
guminter jeung kabalinger, ngarti kana
sajatina elmu, ngabogaan kawijaksanaan
anu luhur, jeung ka nu ngabogaan pola
pikir anu cerdas tur bener-bener ngarti
kana masalah anu aya (surti lanti pikirna)
jeung nu hade laku lampahna. Jelas
didieu ngan wadia balad anu bisa
nyumponan eta syarat anu bakal miboga
kakuatan jeung kawijaksanaan sapertos
Prabu Siliwangi, jadi ruh Pajajaran moal
turun jeung dipiboga ku sambarangan
jalma sanajan urang sunda oge, da teu
sakabeh urang sunda ngabogaan eta ciri.
Singketna ngan wadia balad anu geus
kabuka hijabna anu bakal didatangan ku
kawijaksanaan Prabu Siliwangi ))))).
Mun ngaing datang : teu ngarupa teu
nyawara, tapi mere ciri ku wawangi. Ti
mimiti poe ieu, Pajajaran leungit ti alam
hirup. Leungit dayeuhna, leungit ngarana.
Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti
ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti nu
kari, bakal rea nu marungkir!
(((((Pajajaran dina wangkit ieu TILEM.
Tilem hartina leungit tanpa lebih, ilang
tanpa karana. Pajajaran runtuh tapi
runtuh lain diancurkeun atawa
dielehkeun ku karajaan/bangsa sejen
termasuk ku Majapahit (wetan). Pajajaran
leungit ku sabab hayang leungit. Ku
kituna mun dina sajarah ayeuna
disebutkeun yen Mahapatih Gadjah Mada
ti karajaan Majapahit geus hasil
ngahijikeun Nusantara dina raraga
ngawujudkeun sumpah palapa. Eta
salah!! Aya hiji karajaan anu teu bisa
ditalukeun ku Gadjah Mada nyaeta
Pajajaran. Dina naskah Pustaka Rajyarajya
i Bhumi Nusantara II/2 dilalakonkeun yen
sawaktos Perang Bubat (perang antawis
Pajajaran ngalawan Majapahit) Sri
Baduga gegentos Prabu Wangi (anu
salajengna katurunannana disebat Prabu
Siliwangi) seeur ngabinasakeun
musuhna, kumargi sang Prabu Maharaja
salian ti pinter dina elmu perang oge
pinter dina ngagunakeun rupa-rupa elmu
senjata, Sang Prabu Maharaja teu hoyong
mun nagarana (Pajajaran/Jawa Barat)
diparentah tur dijajah ku bangsa lian.
Antukna Sang Prabu Maharaja gugur
sareng sadaya baladna di medan perang,
tapi Mahapatih Gajah Mada oge kawon
lantaran tatu ku keris Putri Dyah Pitaloka,
anu eta tatu moal bisa dicageurkeun
(ngeunaan sajarah Perang Bubat aya
fakta anu diputer balik, tapi alhamdulillah
geus aya sumber ti salah saurang tokoh
Sunda anu menerkeun deui kana jalan
sajarah Kasundaan, langkung jelasna
mah ku sim kuring bakal diserat ulang
dina ieu blog). Tapi kanyataan ieu teh
bakal ditampik, bakal loba anu marungkir
utamana nu di beulah wetan, sajarah
bakal di puter balik, sanajan loba bukti
anu kuat teu dipalire )))))
Tapi, engke jaga bakal aya nu nyoba-
nyoba, supaya nu laleungit kapanggih
deui, nya bisa, ngan mapayna kudu make
amparan. Tapi anu marapayna loba nu
arieu aing pangpinterna. Mudu aredan
heula.
Engke bakal rea nu kapanggih, sabagian-
sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu
disebut Raja Panyelang.
(((((Dina mangsa ieu, bakal aya anu
nyoba-nyoba deui pikeun ngumpulkeun
sajarah jeung elmu warisan karuhun, nya
bisa bakal kaparanggih deui tapi anu
mapay eta elmu karuhun teh kudu jalma
anu handap asor teu umaki asa aing
pangpinterna (mapayna kudu make
amparan). Ieu jadi hiji jawaban ku naon
kolot-kolot urang baheula boga elmu anu
luhung kadang teu kaharti ku pikir teu
kahontal ku akal da meureun waktu
diajarna dibarengan ku sikep paripolah
jeung hate anu bersih karena Allah (make
amparan). Karuhun urang baheula mah
boga elmu linuhung tapi leumpang tetap
tungkul ka bumi. Ari jalma jaman ayeuna?
Boga elmu saeutik ge leumpangna geus
dangah ka langit bari nangtang nu
kawasa.
Saha ari nu dimaksud raja panyelang?
Aya kamungkinan raja-raja ti Karajaan
Majapahit, sabab salah sahiji raja anu
mashur kalayan ngabogaan karajaan anu
bisa ngawasa saantero nusantara ngan
karajaan Majapahit. Jeung mun nitenan
kecap “raja panyelang”, berarti ieu raja
teh moal lila kakawasaana, sabab bakal
digantikeun ku raja sejen)))))
Aya nu wani ngorehan terus, teu
ngahiding ka panglarang; ngorehan bari
ngalawan, ngalawan bari seuri, Nya eta
budak angon; imahna di birit leuwi,
pantona batu satangtung, kahieuman ku
handeuleum, karimbunan ku hanjuang.
Ari ngangona ?
Lain kebo lain embe, lain meong lain
banteng, tapi kalakay jeung tutunggul.
Iyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun
anu kapanggih. Sabagian disumputkeun,
sabab acan wayah ngalakonkeun. Engke
mun wayah jeung mangsana, baris loba
nau kabuka jeung rareang marenta
dilalakonkeun.
(((((Tapi sanajan dilarang ku raja
panyelang, aya anu tetep wani ngorehan
sajarah jeung elmu karuhun. Saha?
Nyaeta budak angon. Saha ari ieu budak
angon…ke bakal coba diterangkeun dina
bait anu saterusna, sabab kecap budak
angon teh sababaraha kali dikedalkeun
ku Prabu Siliwangi. Ieu budak angon teh
kacida istimewa, sabab kagolong salah
sahiji anu didatangan ku Prabu Siliwangi
kusabab ngabogaan ciri-ciri anu
disebutkeun ku Prabu Siliwangi)))))
Tapi mudu ngalaman loba lalakon,
anggeus nyorang : undur jaman datang
jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana
saban jaman, sarua jeung waktu nu
nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis
dipinda sukma
(((((Saban jaman aya pangeusina
sewang-sewangan, tiap jaman boga
lalakon; eta lalakon bakal ganti mun
jaman oge ganti (conto : lalakon di tahun
60-an moal sarua jeung di taun 2010
boh dina model pakean, gaya hirup, jll) Ku
kituna tinggal pilih urang anu kudu bisa
ngigeulan jaman atawa urang anu bisa
ngigeulkeun jaman. Naha jaman anu
ngatur lalakon atau sabalikna lalakon anu
ngatur jaman? Tapi kadang kaayaan di
hiji jaman sok kaalaman deui dina jaman
sejen. Contona : di taun 60-an rahayat
urang loba nu ngantri sembako, kusabab
jaman anu werit. Kaayaan itu karandapan
dina mangsa reformasi dimana rahayat
kudu ngantri minyak jeung sembako)))))
Darengekeun !
Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi
rajana ngan bakal nepi ka mangsa :
“tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun
kandang kebo dongkol.”
Tah didinya, sanagara bakal jadi
sampalan, sampalan kebo barule, nu
diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk
di alun-alun. Ti harita, raja-raja
dibelenggu
Kebo bule nyekel bubuntut, turunan
urang narik wuluku, ngan narikna
henteu karasa sabab murah jaman jeung
seubeuh hakan.
(((((Dina mangsa ieu, mimiti kaum
penjajah datang ka nagara urang,
dimimitian ku Portugis, Inggris terus
Belanda, mimitina mah ieu penjajah teh
ngan datang pikeun dagang tujuana mah
rek ka Maluku tapi eureun heula di
Banten (tanah bugel sisi Cibantaeun
dijieun kandang kebo dongkol). Tapi
antukna mah sanagara jadi dijajah
(sanagara jadi sampalan, sampalan kebo
barule), ieu penjajah teh diparentah ku
para menir/gubernur jangkung anu
marentah di puseur kota tempat
pamarentahan (alun-alun), ti harita raja-
raja urang teu bisa walakaya. Para
bupati/demang bangsa urang tetep
marentah tapi dikendalikeun ku penjajah
(kebo bule nyekel bubuntut, turunan
urang narik wuluku) tapi bangsa urang
pasrah sabab penjajah jeung pamingpin
pribumi masih merhatikeun sandang
jeung pangan kabutuhan rahayat.
Numutkeun ahli-ahli sajarah, Belanda teh
salah sahiji penjajah anu pinter, manehna
ngajajah tapi awalna rahayat teu loba nu
sadar jeung ngalawan kusabab manehna
ngajajah ngamangfaatkeun pamimpin-
pamimpin pribumi di tingkat handap
saperti bupati, wadana, demang, jsb; jadi
keur rahayat mah asa teu dijajah. Ieu
ngabuka hiji rahasia kunaon elmu-elmu
karuhun sunda teh sok jiga anu
disumputkeun, karuhun urang tara
ngajarkeun elmu sacara terang-terangan,
tapi sok dibungkus jeung disumputkeun
dina wangun siloka, kawih, pupuh, uga,
jrr. Kusabab? Sabab saha wae anu
kapanggih ngawariskeun elmuna bakal
dirogahala ku penjajah. Jadi, didieu
penjajah teh henteu bodo, urang Belanda
teh geus apaleun kana bahayana lamun
eta elmu-elmu warisan karuhun sunda
teh nepi ka sumebar)))))
Ti dinya, wuluku ditumpakan kunyuk; laju
turunan urang aya nu lilir. Tapi lilirna cara
nu kara hudang tina ngimpi. Ti nu
laleungit, tambah loba nu kapangih,
tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu
pahili. Nya kabawa nu lain mudu diala.!
Turunan urang loba nu henteu engeuh,
yen jaman ganti lalakon !
Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di
buburak ku nu ngalanteur pamuka jalan;
tapi jalan nu kasingsal.
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi
suwung, kebo bule kalalabur : laju
sampalan nu diranjah monyet!
(((((Mangsa ieu jaman ganti deui lalakon!
Bangsa Jepang (kunyuk) datang, ku
bangsa urang dibageakeun, dianggap
pahlawan jeung dulur kolot bakal
ngabebaskeun tina penjajahan Belanda,
Bangsa urang ngadukung Jepang pikeun
ngalawan tur ngabuburak Belanda, tapi
nyata salah sabab Jepang oge sabenerna
sarua datang ka nagara urang teh rek
ngajajah (panto nutup di buburak ku nu
ngalanteur pamuka jalan; tapi jalan nu
kasingsal). Penjajah Belanda kalabur ka
nagarana, ayeuna ganti anu ngawasa
bangsa urang teh monyet (Jepang))))))
Turunan urang ngareunah seuri, tapi
seuri henteu anggeus, sabab kaburu :
warung beak ku monyet, leuit beak ku
monyet, kebon beak ku monyet, sawah
beak ku monyet, huma di acak-acak ku
monyet, cawene rereuneuh ku monyet.
Sagala-gala diranjah ku monyet. Turunan
urang sieun ku niru-niru monyet.
“Panarat” dicekel ku monyet bari diuk
dina bubuntut. Wulukuna ditarik ku
turunan urang keneh. Loba nu paraeh
kalaparan
(((((Bangsa urang atoh pisan (ngeunah
seuri) sabab ku kadatangan Jepang lir
ibarat geus bisa bebas tina penjajahan
Belanda. (Tapi seuri henteu anggeus)
sabab bangsa urang kakara sadar yen
ieu bangsa Jepang teh sarua datangna
kadieu teh rek ngajajah oge, malahan
leuwih garang, sagala anu aya di bangsa
urang dibadog, dirampog, tuluy diangkut.
Hasil kebon, sawah, huma dipaling.
Bangsa urang dijajah tur dikandalikeun
deui ku Jepang, nepi ka rahayat urang
loba anu nelasan pati lantaran jaradi
romusha. Bangsa urang ayeuna ganti
anu ngandalikeun, bangsa Jepang anu
marentah (panarat dicekel ku
monyet) )))))
Ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep
pelak jagong, sabari nyayahoanan
maresek caturangga. Henteu arengeuh,
yen jaman geus ganti deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara
kaler ngaguruh, galudra megarkeun
endog. Genjlong saamparan jagat!
(((((Ti dinya bangsa urang ngayakeun
perlawanan ku cara fisik jeung diplomasi,
sabari eta bangsa urang geus mimiti
nyobaan nyusun dasar nagara – nyaeta
Pancasila ayeuna – lamun engke merdeka
(nyanyahoanan maresek caturangga),
tapi penjajahan ku ieu Jepang teh teu
pati lila ngan saukur 3,5 tahun (ngarep-
ngarep pelak jagong, umur jagong
dikiaskeun 3,5 bulan = 3,5 taun). Jaman
bakal ganti deui lalakon! Iraha?
Saeunggeus Sekutu anu dipimpin ku
Amerika nurunkeun bom Atom di
Hiroshima jeung Nagasaki (ti tungtung
sagara kaler ngaguruh = posisi jepang
lamun di tingali dina peta ayana dina
kalereun Indonesia, jauh di tuntung
samudera pasifik) (galudra = lambang
nagara Amerika –anu mangsa harita jadi
pimpinan sekutu, komandana Laksamana
Eisenhower– mangrupa manuk garuda,
megarkeun endog = nurunkeun bom
atom nepi ka ngaratekeun ieu 2 kota
penting kakaisaran Jepang). Numutkeun
panuturan saksi anu ngalaman eta
mangsa, saking rohakana eta bom atom,
gempana nepikeun ka karasa Indonesia
= genjlong saamparan jagat!). Ieu
kajadian teh bisa muterbalikeun
kanyataan anu tadina penjajah Jepang
anu ngawasa ayeuna sekutu anu
ngawasa, peta kakawasaan perang
dunya robah).)))))
Ari di urang !
Rame ku nu mangpring. Prang-pring
sabulu-bulu gading. Monyet ngumpul ting
rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang;
ngamukna teu jeung aturan.
Loba nu paraeh teu boga dosa. Puguh
musuh, dijieun batur ; puguh batur,
disebut musuh.
Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu
marentah cara nu edan. Nu bingung
tambah baringung ; barudak satepak
jaradi bapa. Nu ngaramuk tambah rosa ;
ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas di
buburak, nu harideung disieuh-sieuh.
Mani saheng buana urang, sabab nu
ngaramuk, hanteu beda tina tawon,
dipalengpeng keuna sayangnya.
Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu
nyapih; nu nyapihna urang sabrang.
(((((Ari di nagara urang, rame ku anu
kabur, kabur sajadi-jadina, tentara
Jepang teu walakaya, serah bongkokan
ka Sekutu (monyet ngumpul ting
rumpuyuk). Sawareh aya anu balik kabur
ka nagarana, sawareh tetep cicing di
nagara urang sabab wirang mun balik
bari eleh. Ari bangsa urang? Ngamuk
nguwak-ngawik males ka bangsa Jepang,
tapi hanjakal deui loba anu salah sasaran
sabab bangsa urang salian kudu
nyanghareupan jepang oge kudu
nyanghareupan Sekutu anu ngabonceng
Belanda ditambah ku lobana
pemberontakan di jero nagri anu asalna
mah balad urang tadina. Republik ieu jadi
tempat jagal jeung sampalan perang anu
rohaka. Tapi….kaburu aya nu nyapih
nyaeta bangsa luar make jalur
perundingan (Linggarjati, KTN, Renville,
sakabehna di sapih ku urang luar :
Amerika, Australia, Belgia, jst).)))))
Laju ngajeg deui raja, asalna jalma biasa.
Tapi memang titisan raja. Titisan raja
baheula jeung biangna hiji putri pulau
dewata. Da puguh titisan raja; raja anyar
hese apes ku rogahala!
(((((Anu di maksud RAJA dina ieu bait teh
nyaeta SUKARNO, presiden ka hiji RI.
Anjeunana memang jalma biasa tapi
sabenerna asli turunan raja. Ibuna I Dayu
Nyoman Rai asalna ti Pulau Dewata (Bali)
turunan Raja Singaradja anu ngayakeun
perang Puputan ngalawan kakawasaan
Belanda (baca : Sukarno An Autobiografi
As Told by Cindy Adam). Sedengkeun
ramana Raden Sukemi Sastrodiningrat,
nyaeta turunan raja/sultan ti Kediri. Ku
kituna Sukarno teh memang bener-bener
titisan raja anu hese dirogahala jeung
bakal mimpin rahayat ngalawan
penjajah.)))))
Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman
ganti lalakon; Iraha? Henteu lila, anggeus
tembong bulang ti beurang, disusul
kaliwatan ku bentang caang
ngagenclang. Di urut nagara urang,
ngadeg deui karajaan. Karajaan di
jeroeun karajaan jeung rajana lain
tuereuh Pajajaran.
(((((Proklamasi Kamerdekaan RI (bulan ti
beurang = bulan ramadhan; bulan sucina
umat Islam) Proklamasi poe jumaah jam
10 isuk-isuk (bentang caang
ngagenclang). Dugi ka kiwari Bentang
jeung Bulan sok dijieun simbol anu aya
patula patalina jeung Islam.
Dina ieu bait, anu dimaksud karajaan di
jeroeun karajaan teh nyaeta Darul Islam
(DII/TII) pimpinan S.M. Kartosuwiryo anu
boga maksud pikeun ngadegkeun
Negara Islam Indonesia, Kartosuwiryo
memang lain turunan ti Pajajaran. Tapi
ieu nagara anyar teh bisa ditumpes ku
Siliwangi jeung rahayat Jawa Barat ku
jalan ngayakeun pager bitis.)))))
Laju aya deui raja, raja buta nu
ngadegkeun lawang nu teu meunang
dibuka, nangtungkeun panto teu
beunang di tutup, nyieun pancuran di
tengah jalan. Miara heulang dina caringin.
Da raja buta ! Lain buta duruwiksa, tapi
buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag,
ucing garong eujeung monyet
ngorowotan somah nu susah. Sakalina
aya nu wani ngageuing : nu diporog mah
lain satona, tapi jelema anu ngelingan.
(((((Saha ieu raja anyar teh? Saha deui
lamun lain SUHARTO…Inyana geus
ngadegkeun karajaan sorangan anu
sawenang-wenang (otoriter), marentah
kumaha aing. Loba anu jaradi korban,
rahayat jeung tokoh anu nyobaan
ngelingan malah dituduh rek ngalawan
ka nagara (subversif), eta jalma ditewak
(diporog) terus diasupkeun kana
pangberokan (panjara). Miara heulang
dina caringin (heulang = pancasila,
caringin = salah sahiji partai anu
gambarna caringin). Jadi ieu raja teh jadi
kuat ku sabab make tameng pancasila
anu didukung ku partai caringin.)))))
Mingkin hareup mingkin hareup, loba
buta nu baruta, naritah deui nyembah
berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur,
panarat pabeulit dina cacadan ; da nu
ngawulukuna lain jalma tukang tani. Nya
karuhan : tarate hepe sawareh, kembang
kapas hapa buahna; buah pare loba nu
asup kana aseupan …
Da bonganna, nu ngebonna tukang
barohong ; nu tanina ngan wungkul
jangji ; nu palinter loba teuing, ngan
pinterna kabalinger.
(((((Ieu buta anu dipimpin ku Raja anyar
teh beuki ngagalaksak, KKN geus jadi
budaya anyar. Kakawasaan jeung harta
dunya geus jadi berhala anyar, anu terus
dikumpulkeun, diteangan tur disembah.
Nagara anu meunang hese cape
merjoangkeun teh jadi awut-awutan teu
pararuguh kusabab nagara loba dicekel
ku jalma lain ahlina, ulama loba nu
kasasar lampah kabadi ku elmuna,
tentara malik jadi musuh rahayat sabab
milu ancrub ka politik (bubuntut salah nu
ngatur, panarat pabeulit dina cacadan, da
nu ngawulukuna lain jalma tukang tani),
cindekna mah ieu raja teh loba salah
nendeun jalma (henteu teh right man on
teh right place)
Di jaman ieu raja, para pamingpina teh
ngan ukur bisa ngabohong jeung
ngobral janji, rahayat di jangjikeun rek
kitu-rek kieu (kampanye) ari geus kapilih
mah rahayat teu dipalire sama sakali.
Loba jalma pinter, tapi pinterna
kabalinger, bisana ngan nipu jeung
ngabobodo rahayat anu memang
bodo).)))))
Ti dinya datang budak janggotan.
Datangna sajamang hideung, bari nyoren
kaneron butut, ngageuingkeun nu keur
sasar, ngelingan ka nu paroho. Tapi
henteu diwawaro !
Da pinterna kabalinger, harayang
meunang sorangan. Arinyana teu
arengeuh, langit anggeus semu beureum,
haseup ngebul tina pirunan.
Boro-boro dek ngawaro, malah budak
janggotan, ku ariyana di tewak
diasupkeun ka pangberokan. Laju
ariyana ngawut-ngawut dapur batur,
majarkeun neangan musuh; padahal
ariyana nyiar-nyiar pimusuheun. Sing
waspada ! Sabab engke ariyana, bakal
nyaram Pajajaran di dongengkeun. Sabab
sarieuneun kanyahoan, saenyana ariyana
anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat
(((((Dina mangsa ieu aya sabagean
kalangan Islam (tokoh ulama/
ustad=budak janggotan) anu nyobaan
ngelingan ka raja anu keur sasar. Tapi eta
raja anu keur sasar teh tibatan nurut
malah malik ngewa, eta budak janggotan
teh ditewak tuluy diasupken ka penjara.
Ieu balad raja buta memang lolobana
pinter kabalinger, kapinterannana dipake
jang nindes rahayat. Maranehannana teu
sadar yen kajayaan sakeudeung deui
bakal runtuh, jaman bakal robah. Sabab
rahayat anu kuciwa bakal nungtut ieu
raja ngarah diturunkeun.
“Nyaram Pajajaran di dongengkeun” ieu
geus jadi rahasia umum, yen di jaman
Suharto hampir kabeh sajarah teh loba
anu kasingsal, loba anu dijiuen salah,
loba anu diputerbalikeun keur
kapentingan jeung kakawasaannana.
Sajarah anu asli tur lempeng bener
satekah polah dihalangan atawa
dileungitkeun (sejarah Supersemar,
Sejarah Gerakan G30S/PKI, sajarah Perang
Bubat, jrr). Sabab lamun ieu sajarah
kabuka terus dilempengkeun deui, maka
raja Buta bakal kanyahoeun sagala talajak
gorengna, sabab manehanana anu
sabenerna jadi pangkal sabab kaancuran
ieu nagara.)))))
Buta-buta nu baruta; mingkin hareup
mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo
bule. Ariyana teu nyaraho, yen harita teh
jaman geus asup kana jaman : jaman
sato. Jaman manusa dikawasaan ku
sato !
Jayana buta-buta henteu pati lila; tapi,
bongan kacida teuing nyangsara ka
somah, loba somah anu pada ngarep-
ngarep caringin rentas di alun-alun. Buta
bakal jaradi wadal, wadal pamolahna
sorangan.
(((((Ieu buta-buta balad raja buta sasar
teh beuki ngagalaksak wae, kalakuanna
dina nyangsarakeun rahayat teh estuning
geus ngaleuwihan para penjajah bangsa
deungeun anu baheula ngajajah urang.
Ieu jaman memang teu beda ti jaman
sato, hukum anu aya ngan hukum rimba,
halal-haram geus teu dipalire, anu aya
buta-buta teh terus-terusan
ngumpulkeun harta jeung kakawasaan.
Tapi……..rahayat anu geus teu tahan
mimiti ngalawan, tahun 1998 partai
caringin jeung sagala kakawasaannana
runtuh, di mimitian di Jakarta (gedong
MPR) terus ngarembet ke saantero
nusantara (caringin reuntas di alun-alun).
Ieu raja buta diturunkeun sacara paksa.
Buta-buta anu baheula kawasa teh
antukna mah ayeuna jaradi wadal, wadal
pamolahna sorangan, aya anu ditewak di
asupkeun ka pangberokan, aya anu
ngajuralit tina kakawasaanana.)))))
Iraha mangsana ?
Engke mun geus tembong budak angon !
(((((Saha anu di maksud budak angon
dina bagean ieu? Nyaeta teu lian para
reformis jeung mahasiswa anu dipimpin
ku tokoh reformasi, ieu tokoh reformasi
anu memang ti baheula oge teu resep ka
ieu raja buta tur terus-terusan ngalawan.
Tapi saha anu dimaksud budak angon
(tokoh reformasi) dina ieu bait? Teu
kauninga sacara pasti, sabab budak
angon mah tara nembongkeun diri, tapi
inyana ngabogaan pangaruh anu luar
biasa keur rahayatna
Ti dinya loba nu ribut; mimiti ti jero
dapur, ti dapur laju salembur, ti lembur
jadi sanagara!
Nu barodo jaradi gelo marantuan nu
garelut, di kokolotan ku budak
buncireung !
Matakna gareleut? Marebutkeun warisan.
Nu hawek hayang panglobana; nu teu
hawek hayang loba; nu boga hak
marenta bageanana.
Ngan anu areling caricing. Ariyana mah
ngalalajoan. Tapi kaborerang.
(((((Datang Reformasi, rahayat asa bebas
merdeka, atoh geus leupas tina belenggu
anu salila ieu pageuh meulit dina awak.
Jalma ribut teu puguh, ngadadak loba
jalma anu ngaku pahlawan, asa aing
reformis anu milu merjoangkeun turuna
raja buta. Jalma-jalma ribut narungtut
bagean nagara anu baheula mah boro-
boro kabagean, ieu hayang jadi raja, ieu
hayang patih atawa punggawa
(Presiden, Wapres, Menteri, jll). Ari rahayat
dihandap?saruana oge, milu ribut jeung
garelut!!
Saha ari jalma anu areling? Nyaeta jalma
anu nyaho kana eusi nagara anu sajati,
anu apal kana sajarah. Jalma anu kasipuh
ku pangaweruh, kapatri ku pangarti.
Anjeuna mah teu pipilueun tapi anggeur
katepaan buntut maung, kapecretan
geutahna.)))))
Nu garelut laju rareureuh. Laju kakara
arengeuh kabeh ge taya nu meunang
bagian. Sabab warisan sakabeh beak,
beak ku nu nyarekel gadean.
(((((12 taun reformasi, jalma-jalma masih
keneh can sadar yen maranehanana teh
sabenerna keur marebutkeun paisan
kosong. Kabeh ge sabenerna euweuh
anu meunang bagean. Sabab saestuna
warisan (NAGARA) ieu teh geus BEAK!!!.
Beakna ku saha? Nya ku saha deui lamun
lain ku buta-buta jaman Raja Buta.
Maranehana geus ngagadekeun nagara
ieu ka bangsa deungeun (inget hutang
nagara anu luar biasa badagna). Inget
kumaha laku lampah pamingpin anu
nungtut ngajualan aset nagara ka bangsa
deungeun (privatisasi). Minyak jeung
pakaya bangsa urang sejena beak
dikeruk ku bangsa dengeun, anak incu
turunan urang mah boa kabagean
meureun, da lolobana mah diangkut ka
nagara batur. Ieu balukar laku lampah
para pamingpin urang anu ngagadekeun
nagara ka bangsa dengeun. Jadi nagara
urang teh bener-bener geus
digadekeun)))))
Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi
kareueung, sarieuneun ditempuhkeun
leungitna nagara. Laju nareangan budak
angon, nu saungna di birit leuwi nu
pantona batu satangtung, nu dihateupan
ku handeuleum di tihangan ku hanjuang.
Ti dinya nu garelut teh mimiti
kareueung….sieun diarah ku buta, sieun
ditempuhkeun leungitna nagara. Antukna
ieu nu garelut teh neangan budak angon
deui, saha ari budak angon dina mangsa
ieu? Cing wang coba gambarkeun
saeutik….
(((((Reformasi…reformasi…..anu
dihareupkeun mawa parobahan jeung
katingtriman teh tetela nyamos tina
harepan. Reformasi malah jadi RefotNasi.
Nagara urang malah tambah awut-
awutan, hirup euweuh mendingna,
harga sandang pangan beuki mahal,
jalma nu korupsi beuki ngalobaan jeung
geus euweuh kaera –make aya korupsi
berjamaah, kaayaan rahayat saperti balik
deui ka Taun 1945/1960. Antukna loba
rahayat handap anu mikir, mendingan
keneh keur jaman diparentah ku Raja
Buta, masing bedegong oge tapi
kahirupan rahayat aman, henteu heureut
pakeun pungsat bahan cara ayeuna.
Akhirna mah ieu buta-buta teh bakal
ngahiji deui (kondolidasi) pikeun
malikkeun kakawasaan anu sempet
leupas. Ngahijina ieu buta-buta teh
tangtu dina wanda (rupa) anu anyar,
sabab mun make kedok baheula mah
rahayat pasti sieuneun.
Budak angon, ari budak teh hartina abid
atawa abdi, anu ngucur kesangna
lantaran kudu terus aya berjuang di
tengah-tengah rahayatna. Jadi ieu budak
angon teh nyaeta jalma anu gawena
ngabdi. Ngabdi ka rahayat, ngabdi ka
sasama, ngabdi ka bangsa/nagara tur
ngabdi ka nu Maha Kawasa. Ieu budak
angon dina saengoning pangabdiannana
teh saestuna sepi ing pamrih rame ing
gawe, teu pernah menta buruh atawa
menta naon-naon estu ikhlas tur rido. Ari
kecap angon, -nyambung kana bait
awal– ngangona teh kalakay jeung
tutunggul. Naon ari kalakay jeung
tutunggul? Kalakay jeung tutunggul
dikiaskeun didieu kana kertas jeung
pulpen. Jadi ieu budak angon teh jalma
anu gawena ngumpulkeun kertas jeung
pulpen, atawa sacara jelasna mah ieu
budak angon teh jalma anu resep
neangan elmu pangaweruh, resep
ngumpulkeun sajarah jeung jalma anu
terpelajar. Tapi naha anu mawa
parobahan nagara jeung sok aya dina
unggal-unggal mangsa teh ngan saukur
budak angon (abdi/abid)?lain pamingpin
atawa raja?sabenerna mun urang pernah
maca tulisan salah saurang sosiolog Iran.
Anjeuna nerangkeun yen anu bisa mawa
hiji bangsa kana revolusi teh lain ti
golongan pamarentah atau elmuwan.
Jalma anu bisa mawa rahayat pikeun
revolusi teh ngan jalma biasa, tapi ieu
jalma biasa teh aya terus di tengah-
tengah rahayat, gawe langsung jeung
rahayat, jadi bisa ngagerakeun rahayat
kana parobahan. Atanapi dina sebatan
Antonia Gramsi mah jalma nu disebut
Intelectual Organic.
Saungna di birit leuwi, hartina saung =
imah/tempat cicing; birit leuwi =
tungtung leuwi. Berarti ieu budak angon
mun rek indit atawa balik kudu bisa
meuntasan eta leuwi. Ieu teh simbol yen
budak angon saungna di birit leuwi teh
nyaeta jalma anu bisa leumpang/asup
jeung ditarima di rupa-rupa tempat
jeung golongan. Jadi ieu budak angon
teh lain jalma fanatik anu ngan ukur
merjoangkeun golongana/partaina
wungkul tapi sanggup berjoang jeung
sagala pihak pikeun kapentingan
sakabeh rahayatna.
Pantona batu satangtung, batu=barang
alam anu kacida teuas. Hartina ieu budak
angon teh boga pamadegan anu kacida
kuat, teguh pancuh lir ibarat batu, teu
gampang gedag kaanginan teu unggut
kalinduan. Ieu budak angon teu daek
diajak kompromi kana jalan anu salah.
Dihateupan ku handeuleum di tihangan
ku hanjuang , hartina ieu budak angon
teh nyumput buni dinu caang, aya
bareng jeung urang tapi teu kawentar
sakabeh jalma apal, jalmana sabenerna
luar biasa tapi ngaku jalma biasa. Ieu
budak angon teh ulah dibayangkeun
jalma anu kawentar anu sakabeh rahayat
apaleun, malah inyana oge teu apaleun
atawa teu pernah ngaku lamun dirina teh
budak angon.)))))
Nareangan budak tumbal, Tapi, sejana
dek marenta tumbal. Tapi, budak angon
enggeus euweuh, enggeus narindak
babarengan jeung budak anu janggotan;
geus mariang pindah ngababakan,
parindah ka Lebak Cawene !!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur
ngelak dina tutunggul.
(((((Budak angon kaayanana
pikasediheun, kusabab teu dipalire jeung
dimusuhan wae ku pangawasa ahirna
ngahiji bareng jeung budak janggotan
miang indit ka Lebak Cawene misahkeun
diri. Misahkeun diri ieu teh bisa ku
sababaraha sabab, bisa kulantaran geus
teu tahan ku sistem pamarentahan anu
geus bener-bener ancur. Atawa duanana
pindah keur ngahindarkeun tina
kadzoliman pagawasa harita, di tempat
anu anyar ieu budak angon jeung budak
janggotan bisa bisa ngawujudkeun naon
anu salila ieu jadi harepan nyaeta nagara
anu gemah ripah loh jinawi.
Ngeunaan budak angon jeung budak
janggotan, aya kapercayaan anu
datangna di beulah wetan dicutat tina
salah sahiji blog :
“Aura “dua sosok” tersebut ada pada
dua orang Jawa berdarah Sunda
pengikut Rasulullah Muhammad SAW
melalui Prabu Kian Santang, dan dalam
menapak menjalankan ajaran Sunan
Kalijaga dan Sunan Gunung Jati. Secara
hakekat fenomena ini melambangkan
bahwa “dua sosok” beliau adalah berasal
dari Trah Pajajaran-Majapahit. Sehingga
setidaknya terjawab sudah apa yang
telah diwangsitkan oleh Prabu Siliwangi
dalam “Uga Wangsit Siliwangi”
berkenaan dengan sosok “Budak Angon
dan Pemuda Berjanggut yang
mengenakan pakaian serba hitam
bersandangkan sarung tua”. Dua sosok
tersebut mewakili keturunan Prabu
Siliwangi yang pergi menuju ke arah
Timur.” Dalam kitab Musasar Jayabaya
bab Sinom disebutkan bahwa kedua
sosok tersebut berhati putih namun
masih tersembunyi dan Pemuda
Berjanggut adalah keturunan Prabu
Siliwangi yang Islam dan sangat
bertauhid.
Tak perlu penasaran siapa sejatinya
beliau. Karena beliau “dua orang”
tersebut tidak akan muncul di
permukaan sebelum misi yang
dijalankannya paripurna. Missi tersebut
berkenaan dengan “Persatuan Umat”
dan untuk ingat kembali akan “Ke-Tuhan-
an Yang Maha Esa”. Jangan dibayangkan
“beliau” akan harus berhadapan dengan
jutaan umat di nusantara ini. Namun dalil
yang berlaku pada “beliau” adalah :
“Nglurug tanpa bala, menang tanpa
ngasorake”. Sampai kapanpun “beliau”
tidak akan mengaku dan tidak
mengetahui bahwa dirinya sebagai
sosok “Satria Piningit” itu. “beliau”
tengah berjalan dari Timur menuju Barat,
meluruskan kembali apa yang salah
diantara Majapahit dan Pajajaran
(khususnya kejadian Perang Bubat).
Prinsipnya banyak hal yang perlu
diluruskan berkenaan dengan sejarah
nusantara ini. Karena kepentingan pihak-
pihak tertentu pasca keruntuhan
Majapahit. Sampai dengan dekade ini
banyak sejarah yang telah
diputarbalikkan ataupun dibengkokkan.
Secara empirik catatan atau bukti sejarah
boleh hilang, namun di alam kegaiban
catatan sejarah nusantara ini tidak dapat
dihapus. Tak salah kiranya kembali apa
yang tertulis di dalam Uga Wangsit
Siliwangi :”Dengarkan! Jaman akan
berganti lagi, tapi nanti, setelah Gunung
Gede meletus, disusul oleh tujuh gunung.
Ribut lagi seluruh bumi, Orang Sunda
dipanggil-panggil, Orang Sunda
memaafkan. Baik lagi semuanya. Negara
bersatu kembali. Nusa jaya lagi, sebab
berdiri ratu adil, ratu adil yang sejati.”
Ngan anu jelas ieu budak janggotan teh
turunan Prabu Siliwangi anu milu ka
beulah wetan, anjeuna bakal mawa
ajaran anu ngutamakeun Tauhid ka Allah
SWT, sabab poko pangkal karuksakan ieu
nagara teh kusabab manusa geus poho
kanu nyiptakeunnana, loba kamusyrikan
di mana-mana, manusa nyarembah
pangkat jeung kadudukan. Ajaran Tauhid
anu murni geus jadi barang langka.
Budak janggotan bakal datang deui
pikeun ngelingan tur meresan ieu
kaayaan tapi bari tetep hormat ka
karuhunna.)))))
Darengekeun !!
Jaman bakal ganti deui. Tapi engke, amun
gunung Gede anggeus bitu di susul ku
tujuh gunung. Genjlong deui sajajagat.
Urang Sunda disasambat, urang Sunda
ngahampura. Hade deui sakabehanana.
Bangunan ngahiji deui. Mangsa jaya, jaya
deui; sabab Ratu anu anyar, Ratu Adil
sajati. Tapi Ratu saha ? Ti mana asalna eta
Ratu ?
Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar
ku dia eta budak angon ! Jig, geura
narindak ! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang !
(((((Ieu bagean wangsit Siliwangi acan
bisa kagambarkeun sacara jelas. Tapi
kecap gunung, ieu ngalambangkan hal
yang luar biasa, anu rongkah. Mun hiji
gunung bitu mamalana luar biasa, komo
mun tujuh gunung, bisa genjlong ieu
nagara. Mun teu salah ngartikeun,
revolusi bangsa urang bakal di mimitian
ku karusuhan anu muncul di tanah
sunda/atawa salah sahiji kota/pulau di
tanah sunda (dilambangkan ku gunung
gede), terus ngarembet ka wilayah (kota/
pulau) sejena (dilambangkeun ku 7
gunung anu sejena). Berarti oge bakal
aya kajadian anu ngakibatkeun urang
sunda ngamuk terus nusantara jadi
rame. Kunanon kecap “gunung gede”
bitu teu dihartikeun saujratna? Sabab
bakal teu nyambung jeung kalimat
“urang sunda disasambat, urang sunda
ngahampura” anu artina didieu urang
sunda ngambek terus misahkeun diri
tina bengkeutan, terus dimenta balik
deui, urang sunda ngahampura terus
balik deui kana bangkeutan, nusantara
jadi ngahiji deui. Nya dina mangsa eta,
Ratu Adil anu salila ieu diteangan bakal
kapanggih –ku urang Jawa mah ieu ratu
Adil teh sok disaruakeun jeung Satria
Piningit—tangtu munculna Ratu Adil ieu
teh kulantaran pituduh ti budak angon.
Prabu Siliwangi teu pernah ngabejaan
saha ieu Ratu Adil (saha? Timana?), tapi
ngan mere parentah pikeun neangan
budak angon, sabab budak angon ieu
anu bakal jadi konci utama jeung nu
nungtun urang pikeun manggihan Ratu
Adil anu sajati. Tapi dina mangsa
neangan budak angon jeung Ratu Adil
eta urang ulah sakali-kali ngalieuk ka
tukang dina artian ulah ningali ka tukang,
ka mangsa anu geus kaliwat jeung ulah
ngungkit-ngungkit pangalaman
katukang)))))
Panutup
Jelas kagambar dina ieu uga, urang
sunda anu bakal nyekel pancen pikeun
memeres ieu nagara anu geus ruksak.
Iraha? Teuing, ngan nu jelaslah mah
urang kudu terus usaha pikeun ngomean
ieu nagara tapi sakali-kali ulah ngungkit-
ngungkit hal-hal anu geus kaliwat.
Ayeuna mah anu paling penting sakabeh
urang sunda kudu baralik deui ngorehan
elmu karuhuna (Pajajaran) tah didinya
bakal nepi heula kana uga Bandung
“Sunda nanjung mun anu pundung ka
Cikapundung geus baralik deui”—artina
mun sakabeh komponen kasundaan
geus ngahiji deui, kakara Sunda bakal
nanjung. Jeung tugas penting sejena
nyaeta urang kudu neangan eta budak
angon dimana ayana, mun geus
kapanggih kudu didukung ku sarerea.
Mudah-mudahan!))))
Dina salah sahiji Uga aya uninga jiga kieu
“Nagara urang bakal aman, mun urang
jawa tinggal separo, urang belanda
tinggal sajodo, urang cina pada lungo”
Hartina? Eta mah gampang tinggal
terjemahkeun pake kamus wae.
sumangga eta nu kapihatur ti pribados...punten dina midang keun nana bahasa na rada garehol,,,,,tepang sono di halaman nu sanes...
Dihin pinasti anyar pinangih, Ulah pagiri-giri calik, ulah pagirang- girang
tampian, Ulah ngukur baju sasereg awak
Log in
Snack's 1967